Submitted by F. Suherman on
KDI 1967 Bangsat -- ok
 
Sd1: Sd1: Saderek kaum dangu, urang tepang deui dina acara Kecap Dinten Ieu hiji program anu didamel mantak kataji sareng mintonkeun pola kahirupan sadidinten. Danget ieu sim kuing mang Herman ngajak saderek supados ngalarapkeun sacara singkat hiji kecap anu judulna "Bangsat"
 
Sd2: Cing rek saha anu teu geregeten kana ulahna bangsat. Tah aya saurang bangsat manehna lir ibarat asup kana kandang singa. Rek kumaha teu kitu, bangsat di kota Roma, anu tadina maksudna rek lumpat teh manehna lumpatna ka kantor markas pulisi. Bangsat anu umur 19 taun ieu teh geus hasil madog sababaraha botol minuman di hiji supermarket, manehna sakuat tanaga lumpat sangkan teu katangkep. Manehna teu nyahoeun yen barang manehna lumpat teh lumpatna ka markas kantor pulisi. Kacida reuwasna manehna basa keur lumpat, lantaran diudag batur, paamprok jeung pulisi di kantorna. Agahna mah manehna teh rek nyumput didinya, sihoreng panyumputanana teh kantor pulisi. Lantaran manehna ngarasa katalikung, manehna kapaksa ngaku salah. Bener-bener sue !
 
Sd3: Bangsat teh nyaeta saurang anu nyokot barang batur tanpa ijin atawa kalayan teu sah. Tindakan bangsat teh bisa digolongkeun kana tindakan kajahatan, anu patut meunang hukuman. Gede leutikna hukuman gumantung kana kajahatan anu dilakukeunana. Sabage panegak hukum, salah sahiji tugas pulisi nyaeta nangkep bangsat. Bangsat anu teu sadar yen manehna lumpatna ka markas kantor pulisi, ieu ngagampangkeun pulisi nangkep bangsat atuh.
 
Sd4: Sepak terjang bangsat teh kadang-kadang ngalantarankeun masyarakat jadi resah jeung sieun. Marehna ngabangsat teh sok tara bisa disangka-sangka, nyaho-nyaho, barang geus euweuh. Masyarakat anu teu ngabogaan sasayagian kaamanan pasti jadi kobanna, jadi urang kudu hati-hati jeung waspada unggal waktu.
 
Sd5: Dina kahirupan karohanian urang, harta anu pangberhargana nyaeta kasalametan. Sok sanajan ku Gusti dipaparinkeunana sacara Cuma-Cuma ka unggal anu palercaya, hal ieu teh lain berarti urang sambarangan neundeunna bari jeung teu ngajagaan. Sabab lamun urang lalawora kana kasalametan anu tos dipaparinkeun ku Gusti, urang teh sarua jeung teu ngahargaan pangorbanan Gusti. Margi kasalametan anu dipaparinkeun ka aurang teh pangorbanana Gusti teh nyaeta; ngorbankeun getih jeung pati-Na. Sakumaha dawuhan jalmi anu wijaksana ieu : supaya ngalangkungan pupus-Na, Gusti ngamusnakeun iblis anu ngawasaan maot. Kujalan kitu, Gusti ngabebaskeun aranjeuna anu saumur hirupna aya dina jajahan kusabab sieun ku maot. Kumargi kitu, teu aya alesan kanggo urang, ngantep kasalametan urang dipaling ku iblis. ok